Widget Recent Post No.

Labels Max-Results No.

JANGJAWOKAN SUNDA

Sahadat SUNDA

Ashadu sahadat sunda
sahadat kaula ngan sahiji
raden santri kuncung putih
nu calik di cirebon girang
nu rebo tanpa wekasan
hurip gusti,waras abdi/(…….)
hurip teu keuna ku gingsir
waras teu keuna ku owah
hurip ku kersaning allah ta’ala
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

Sahadat IMAN

ashadu iman tuhu
sahadat iman nuradan
iman ngadeg satuhune
qori allah korsi allah
korsi nabi rosululloh
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

sahadat SEJATINING DIRI

Ashadu dzat gusti dzat abdi,rasa gusti rasa abdi
jumeneng gusti jumeneng abdi,dzat sejatining manusa
kawasa sa alam dunya,tunduk takluk sakabeh mahluk
tunduk tanak kersa ku kawasa alloh
hirup langgeng di dunya ,hirup langgeng di akherat
kun sejatining manusa ruh kaula jasad, jasad kaula dunya ,
ruh kaula akherat
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

Du’a Pangondang IBU RATU KIDUL
Bismillahirrohmanirrohim…
Asyhadu alla ilaha ilallah wa asyhadu anna Muhammaddarrosulullah…
Bismidat Dalima Putih, Gumilang Cahaya ning Suci ing Wisesa…
Matih Sang Rama Wulung, Ya Ibu Ratu Agung, Sangiang Dangiang Hajah Nyai Dewi Roro Kidul….
Rawung Ka’anjeng Gusti Wali Tunggal…
Laluhur Saka Wayana si Nareng Ka’anjeng Syech Haji Wali Sakti Kudratullah…
Sumerep ing Genuruwah Sang Kremi Pelabuhan Ratu…
Dupe Ciri Wali Purwa tanpa Wekasan…
Tusta Usmaningani Tugtupku Kersaning Allah…

Du’a Pangesi Diri

Abdi seja matihahan ,istighfaran ,Subhanalloh seluruh tubuh sedulur papat kalima pancer
Ghoib…Ghoib…Ghoibul…Ghoib sukma sari,sukma rasa,sukma tunggal,sukma akbar
sukma anu ngaraga sukma dina sukma sejatining manusa ngaraga sukma jeung badan kaula
sukma sampurna ning manusa tekad ucap laku lampah amal perbuatan aqli qouli fi’li ghoibi
sumsum balung ,urat lamat ,darah daging ,kulit bulu ,rasa perasaan ,pangawasa,pengersa,paninggal
pandingaran ,pangangseu ,kanyaho hirup hurip dzatna ,wujudna sampurna manusa
cai sucina angin,suci seuneu ,suci bumi , suci sir amarah,shawiyah,muthma’inah,lawamah,mardiah,
rodiah menuju li ala kalimatillah.

Du’a PANYIPUH ELMU PANGAWERUH

Burr sipuh pangaweruh,pangasahan pangawasa
hurungna ku gusti.lencupna ku allah ta’ala
LAA ILAHA ILALLOH MUHAMMADDUR ROSULULLOH

Du’a PAMULANG

Allohuma balik sumpah wahid
roh beureum nyawa bodas
daun di bunteul ku daun
bisi aya nu sirik ti kidul
pamulangkeun deui ka kidul
bisi aya nu sirik ti kaler
pamulangkeun deui ka kaler
bisi aya nu sirik ti wetan
pamulangkeun deui ka wetan
bisi aya nu sirik ti kulon
pamulangkeun deui ka kulon
pur sapamulang
pamulang pamayangsari
sari pamulang rasa
rasa pamulang cahaya
pamulangkeun rasa kaula kanu sirik pidik jail kaniyaya
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

Du’a pamulang biasana dianggo kangge ngalandongan nu teu damang ku pangiriman batur (Teluh,tenung,Werejit jeung sajabana )

JANGJAWOKAN SUNDA JANGJAWOKAN SUNDA Reviewed by sendal sisirangan on March 26, 2016 Rating: 5

1 comment:

  1. terimaksih sudah sharing i allah brmanfaat,, ijin amalin semua ilmu disini.. saya tulis

    ReplyDelete

Disqus Shortname

designcart
Powered by Blogger.