Widget Recent Post No.

Labels Max-Results No.

SARIPATI SUNDA


nyembah mihatur sumerah ka SANGHIYANG WENANG
jalma mah teu miboga sakadar kapihapean ti HING MURBENG ALAM
Saawak rengkak sabulunyun daging dina ngojay kahirupan ukur nyumponan darma wawayangan wae
kawenangan mung GAGADUH SANG HIYANG WENANG, urang mah teu tiasa.
SANG HIYANG TUNGGAL ngayuga dimana-mana aya.
dimana-mana – nunggalkeun diri jeung sagala anu aya.
nunggalkeun napas jeung sagala CIPTAANnana.
nunggalkeun diri jeung ati wening jalma.
tadina jelema jalmaan napsu, mulang kana purwana.
balik kana wiwitna balik ka ugana jadi manusa.

Naon wae anu di bumi laut walungan gunung tatangkalan oge sasatoan jeung emas inten sarwa rukmi aya nu ngaGEUGEUH nyaeta PARA DANGIANG nu dipercanten kuMAHA WELAS ASIH. Para Dangiang ieu wajib dihormat jeung dipusti tapi lain disembah.
Pameuli sumamprak ka SANG HIYANG TUNGGAL – kudu hormat ka sasaha sanaos beda kahayang jeung pikiran turta bari ngahening kana diri sajati WAWUH KANA SUKMA DIRI NU SAJATI. Margi Sukmaning jati teh bagian sifat ti SANG HIYANG TUNGGAL

Di jagat bumi teh, jalma mah ngan ukur ngalempengkeun tuur, alam ngan sakeudeung. Tinangtu balik ka jagat purwa nu abadi, ngariung mungpulung deui jeung Maha Asih – Mulih ka Jati Mulang ka Asal

Sagala nu rumingkang di bumi alam, tatangkalan giri dugi ka sagara reang gunem catur Ngagungkeun Muji jeung Nyucikeun ka Anu Nyiptakeunnana. Usaha dina ngalaraskeun guneum catur ieu nyaeta anu
disebut KIDUNG ALAM tea ku hearna sora dangdaunan, ku ngecebekna sora cai ku hiliwirna angin mun ngaharewos – nya eta tatapana ngahiji tur ngalenyepan jeung alam, guha – gunung – anu teu kasaramunan anu dina cai teu inumeun dina reumbeuy teu tilaseun nyaeta tempat nyangking pikeun manusa ngahiji jeung alam – ngalenyepan – nyalaraskeun diri jeung alam neuteup nu MAHA AGUNG

Lamun urang geus salaras jeung alam nya salaras sareng anu NYIPTAKEUN nana … diri teh bakal awas paningalan – moal kabobodo ku tenjo moal kaweur ku pangdenge…

Manusa mah saunggelna urang kahiyangan- disilibkeun heula ka alam dunya sabab tragedi ‘khuldi’ tea – Buji mah hak sasatoan jeung tatangkalan – manusa mah ngan ukur numpang. Wirehing kitu salaku anu numpang nya kedah ngahargaan kana hukum lama : sasatoan, tatangkalan – teu kenging sambarang tur sagawayah metik daun atawa ngajul buah- aya carana dina ngamumule …

Anapon kitu waktos (jatining KALA) anu tos dipercantenkeun nyarengan jalmi kedah leres-leres dianggo kasaean – teu kasiksik wanci – teu katutu waktu – teu kapetos waktos – kukituna KARUHUN SUNDA ngajarkeun upacara nganuhun keun ka bumi nyaeta SEREN TAUN, GURU BUMI – nganuhunkeun ka bumi nyukuran ka SANGHIYANG TUNGGAL.

Hubungan manusa deung SANGHIYANG TUNGGAL lir PANTO jeung JALANna aya dina MENEKUNG – hiji cara ngosongkeun diri – neuleuman jempling- ngalenyepan rasa dina ngudag jagat mahalega nu teu aya sisina nu lawangna nyumput dina ATI ANU WENING maheutkeun deui diri anu leungit ka SANGHIYANG TUNGGAL anu bumina aya dina KAWENINGAN MANAH. Ahung ahung ahung …

SARIPATI SUNDA SARIPATI SUNDA Reviewed by sendal sisirangan on March 22, 2016 Rating: 5

No comments:

Disqus Shortname

designcart
Powered by Blogger.