Widget Recent Post No.

Labels Max-Results No.

SASAKALA PRABU SILIWANGI DINA KULIT MAUNG

Beberkeun !

Bejakeun ka balarea, sangkan nyaraho yen kula ngagem ajaran KaRosulan, poma ulah jadi papasean jeung adu renyom anu ngajadikeun nur dhohir nur batin pasolengkrah, da deukeut-deukeutna tina suudzon. Tanbih aranjeun kudu longkewang ceuk basa, ceuk rasa, kabeh kudu bisa nganteur sangkan bashiroh muncul dina sakabeh alur getih nu aya dina raga. Mangka aranjeun kabeh ulah rek gasab dina harti lamun teu neundeun entong  nyokot, hartina urang sakabeh kudu  mepende hate, engkening jaga bakal patemu bakal panggih pangbalikan, pan urang kabeh geus arapal urang balik ka Alloh.

Ari ngaji larapna sakabeh gegebeng aya dina waruga urang, kudu ikhlas jeung teu weleh syukuran , naon atuh anu dipake agul ku urang, urang mah teu daya teu upaya. Sanggeus ngaji karek ngaju, neuleuman sakabeh ciciptaan nu dhohir jeung nu teu dhohir sangkan panggih jeung Mari’fatna Alloh, eta sakabeh urang kudu muhit. Laju kana ngaja, ngajalankeun sakabeh parentahNa nu digelar ngalangkungan Sang Rosul, sakabeh ageman tina Al Qur’an.

Catetan :

Prabu Siliwangi ngabasakeun Al Qur’an ku istilah Cupu Manik. Agama Islam diistilahkeun ku anjeunna Ageman KaRosulan.

Dina hiji waktu kula ngimpi dibawa kana hiji riungan nu gunem catur ngeunaan ageman, di antara dina eta riungan aya Syeh Quro.

Puspa Sarining Rahayu nu ngenas jaman harita di mana jelema nu surti ka diri nyaah ka awak heman  kana renghapna napas sadami-sadami nyusud tepus ngahontal darajat kahirupan dina enggoning hirup di marcapada, nya eta neangan pangbalikan anu harita kacatet Hyang Aji Nalendra, nya eta anu geus nyiptakeun saged sadunya anu mere obor panonpoe nyatana eta ageman the ngawincik jero-jeroan ati meulah alur-alurna getih sangkan wanoh jeung sifat opat anu aya dina urang sakabeh , nya balikna urang sakabeh hayang balik ka nu nyiptakeun .

Sakabeh guntrengan dina eta impian ahirna kula wacis jeung ngarti gening luyu ageman anu diagem ku anak incu kula nyatana AGAMA ISLAM, mere warna ka nu di luhur (Puspa Sarining Rahayu) nya kula sumujud ti harita ngikrarkeun diri seja nyembah ka Yang Agung nu murbeng alam nyatana ALLOH nu ngagaduhan sifat Irodat 99 Asma anu Agung.

Bray caang tandes pisan batu hideung ngajegir, harita kula dibawa ngurilingan batu hideung, dibawa deui lulumpatan bari ngalung-ngalungkeun batu, diinuman ku cai nu ngagenyas.

SASAKALA PRABU SILIWANGI DINA KULIT MAUNG SASAKALA PRABU SILIWANGI DINA KULIT MAUNG Reviewed by sendal sisirangan on April 23, 2016 Rating: 5

No comments:

Disqus Shortname

designcart
Powered by Blogger.