Widget Recent Post No.

Labels Max-Results No.

Hirup, hurip jeung kahirupan

Hirup, hurip jeung kahirupan, urang di buana panca tengah,
ulah waka suka seuri mun can panggih jati diri (ceuk hariring), ieu salah sahiji mangrupakeun dangding pikeun panginget urang ka purwadaksi (Purwa nu artina wiwitan daksina nu artina wekasan) atawa ceuk basa modern disebutna intropekesi diri, aya hiji dangding nu leuwih jero kieu ugelanna :

Gagak ngelak na suhunan, ngahiap ngahayu-hayu
Hayu mulang-hayu mulang pulangkeun kanagara
Nagara nu baheula nagara tanjung sampurna
Nyaeta alam nu teu kaesalang-selang tea, alam padang poe panjang.

Dina dangding diluhur eta saeunyana pikeun panginget urang, yen aya alam nu leuwih alus tibatan di alam dunya, nyaeta alam nu teu kaselang-selang alam pada narawangan molopong jalan kagedong nyaeta alam akhir alam pangageusan, geusan urang hirup salawasna nu teu kaselang ku nu ngarana maot, jeung deui dina dangding eta nyaritakeun untung jeung rugi nu ngaradapan urang keneh sorangan, kusabab  kitu dina enggoning kahirupan atawa di darmakeun ku pangeran urang, teu sautik jalma nu geus luar tina rel kamanusaanna. tapi parendene kitu genteng ulah potong, da nu ngana manusa mah sok beunang ku owah gingsir, ngan mun geus inget gancang sanduk-sanduk, jaeung tapakuran, da moal aya nu apaleun tapak meuri dina leuwi ari lain meurina keneh mah, nya urang oge meureun kudu kana kituna mun lain urang nyasaha deui nu apal kadiri urang keneh. sakitu meureun bahasan dangding  diluhur mugia katampi

bobot pangayon timbang taraju namah nyanggakeun kanu ngderesna...boh bilih aya kaleupatan dina panulisan geuingkeun da simkuring ngawinkeun maneh bubuhan diajar sasieureun jeung sabeunyeureun mudah-mudahan aya manfaatna khususna kadiri kuring pribadi, umum namah nya kasadayanna we nu nu ngersakeun.

Hirup, hurip jeung kahirupan Hirup, hurip jeung kahirupan Reviewed by sendal sisirangan on March 01, 2018 Rating: 5

1 comment:

Disqus Shortname

designcart
Powered by Blogger.