Sifat sajatining manusa tos kapendak
Gelar MAUNG pasti kacandak Linuhung manunggal sareng nu mutlak Allah anu Maha Kawasa.
Tapi kade keudah emut MANUNGGALna sanes Ngahiji dzat-Na Allah,
tapi Nyurup Asma sareng Sifatna Allah.
MAUNG mapay rawayan dunya kasurupan ku ASMA-na.
Mimitina Asma Allah RAHMAN RAHIIM
aya dina lapadz BISMILLAHIRRAHMAANIRRAHIIM.
MAUNG jadi welas asih ka sasama manusia jeung makhluq sejena, kitu salah sawios conto kasurupan ASMA.
Sifat Sajatining manusia tos tinemu, Gelar JAWARA pasti kabawa.
JAWARA harti Jalma anu WARA (ceuk sufi mah Waro anu hartosna taliti kana diri bisi kaenteupan ku dosa sanajan leutik).
Lain JAWARA lamun Pasea,
teu kaasup JAWARA lamun Ngajega ningali Maksiat komo bari Ngajaga mah.
MAUNG jeung JAWARA sapertos kitu, KEUDAH LEULEUS USAP, HEURAS PEUREUP. Asyiddaau 'alal kuffar Ruhamaau Baenahum
No comments: