Bagja manusa nu fakir dirina, sabab bakal manggih kana rasana hirup...
Bagja manusa nu manggih sedih, sabab bakal manggih kana nunggalna hirup...
Bagja manusa nu manggih kana halusna hirup, sabab bakal manggih kana rasa sajatina hirup...
Bagja manusa nu lapar jeung haus kana bener, sabab bakal manggih kana kapuasan rasa hirup...
Bagja manusa nu murah hate, sabab bakal manggih kana sagala kamurahan hirup...
Bagja manusa nu manggih kana kasucian dirina, sabab bakal manggih rasa hirup nu sajati...
Bagja manusa nu dianiaya jeung di cela ku sasamana, sabab bakal hudang cahaya hirup anu caang padang narawangan...
Poe panjang...
Nagara tunjung sampurna...
Manusa nu pasti kapanggih jeung cahaya diluhur cahaya... Cahaya anu sampurna ning sampurna...
Dat... Zat... Les...
Beak kabeh teu nyesa...
Leungit...
Moksa...
Asal ti euweuh balik ka euweuh...
No comments: