Widget Recent Post No.

Labels Max-Results No.

MULIH KA JATI MULANG KA ASAL

Niti wanci nu mustari... nincak dina waktu anu munggaran... sakabeh kudu ampih kana kandangna... embe ampih kana kuwungna... anjing eureun ngabaung... jangkrik peugat sorana... gaang pareum katincak... sakabeh hayam jago eureun kongkorongok... kyai bungkem sarebu basa... akal beak kahayangna... damar beak caangna... lauk eureun ngojayna... sawang balik kana suwungna... pasrah teu aya deui nu diharep... asal teu nyaho naon naon... balik ka euweuh naon naon... teu ngaboga boga... teu ngaku ngaku... lain kaditu lain kadieu... teu aya daya teu aya upaya... teu bisa itu jeung ieu... mugi jeuler teu kasaatan... mun bagong bakal sesegrok... mun anjing bakal ngaguik... mugi ulah siga kitu kieu... da asalna ge teu kieu teu kitu... gubragna urusan Gusti... balikna ge masrahkeun ka Gusti... pasrah sapasrah-pasrahna... mugi ulah kacolongan... kagoda ku betahna hirup didunya... ku loba baranghakan pikeun nunda umur nunda paeh... manjangkeun hirup jeung lalakon di gelar jeung ngumbara dialam dunya... mugi moal pahili... meuntas jalan nu pamali... da geus di cicil ti kamari... nyorangan paeh samemeh paeh... nyaho balik samemeh balik... ya Robbi... ingsun ngawiyatkeun diri... mugi sampurna dunya... sampurna akherat.... da tos dicumponan ku elmu kasampurnaan... sampurna ning sampurna... kamal mukamil... Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal...

MULIH KA JATI MULANG KA ASAL MULIH KA JATI MULANG KA ASAL

Reviewed by sendal sisirangan on October 05, 2016 Rating: 5

2 comments:

  1. Alhamdulilah...bagea mohon izin ngamalkeun

    ReplyDelete
  2. Sampurasun... Nepangkeun sim Kuring oki... dupi seratan "milih ka jati mulang ka asalna" seratan asli akang?

    ReplyDelete

Disqus Shortname

designcart
Powered by Blogger.